Nyarios Sunda
batur sadulur rencang sagalang. kiwari basa sunda tos langki dianggo. boro ku batur, ku urang sunda sorangan jigana tos langki basa sunda teh dianggo. padahal, lamun lain ku urang sunda, rek ku saha deui basa sunda teh dianggo. da eta meureun nya, kolot ayeuna mah jiga nu teu bangga lamun budakna ngomong make basa sunda.
abdi, ngondang ka saderek sadaya. bilih aya nu kersa janten kontributor di blog urangsunda.info. mangga diantos ! naon atuh eta teh ceunah, ah ieu mah urang hehereyan we, etang-etang ngadablong. atanapi bilih hoyong gaduh blog nyalira, nami.urangsunda.com mangga ..
pami aya nu kersa saratna mung hiji, kedah ngangge basa sunda dina waktos ngepost tulisan / kontribusi na. eta hungkul. meh basa sunda teh teu parem.
bilih ieu mah, ku abdi diantos emailna di putradi[at]gmail[dot]com. Atanapi cekap we ngintun komentar di halaman ieu ..
nu tos lebet :
http://six4sep.urangsunda.info
http://wanoja.urangsunda.info
Naon atuh nya, ah kitu we nyaeta. Ti bareto hoyong gaduh blog [basa sundana blog naon?] anu isina teh ngangge basa sunda. Sok sono tuda, sono nyarios ngangge basa Sunda. Pan sim abdi mah di Jakarta ayeuna teh. Ari aslina urang Cianjur. Apal nyalira meureun, tong boro di Jakarta nu nyata-nyata lain wewengkon Sunda. Di Cianjur weh, da tos rada sesah atuh milari nu nyarios Sunda. Ari sanes kolot baheula mah. Tah kitu. Didieu panginten urang ngadablong teh. Ngangge basa sunda nu pasti mah. Etang-etang urang silaturahmi we bari ngamumule basa sunda.
satuju pisan…
tiasa ngabantosan naon atuh nya pribados?
janten kontributor atuh teh ? kersa teu ?
kontributor teh kumaha?
cobi dijelaskeun atuh?
teteh upami resep nyerat sunda .. ku abdi dipasihan account didieu .. janten nyeratna didieu kitu .. hehehehe
oh kitu?
muhun ..
kin atuh urang emutan nya?
tong lami teuing nya ngemutanna .. bilih kabujeung akaran ..
okey! atos diemutan..
abdi hoyong ngadamel sapertos, saha eta teh nu tos lebet cenah
nya sapertos kitulah
hoyong ngadamel blog nu sadaya eusina Sunda
ngeunaan kaSundaan, mung satiasa-tiasa abdi nya da nuju diajar keneh
pami ka murangkalih mah nuju lelengkah halu keneh, heheh
hidup Sunda!
mangga .. atos siap blog na .. kantun milari themena we neng ..
nu sanes .. ?? bilih bade oge .. ?? diantos .. !!
tah didieu we achhh ngobrol na heuhue atuh da kang six4sep mah seueur teuing web na lieur lebet kamana mana na abdi hehehe… ieu wew ach rada mencrang tur resep tampilan na
Sampurasun……
Ngiring ngiuhan kang, kabulusan :d
assalamualaikum
kumaha daramang???kamarana urang sunda teh?/