Lenyepaneun Category

Alhamdulillah

In: Lenyepaneun

Jigana taya deui nu pantes diucapkeun salain Alhamdulillah. Gusti Allah parantos masihan seeur pisan kanikmatan kangge simkuring. Ti mimiti kuring lahir nepika ayeuna.
Ngan jigana kuringna nu nepi ka ayeuna masih keneh osok poho kana nikmat Allah eta. Makana sababaraha minggu ayeuna, kuring diingetkeun ku Gusti Allah. Dipasihan cocoba. Ti mimiti urusan pagawean, pangulinan nepika urusan [...]

uud, ujung-ujungna duit

In: Lenyepaneun, Ngelmu

sanes, punten sanes bade ngiring nyindiran anu di senayan ieu mah. mung hoyong ngemutan ka sadayana, kade ulah sagalarupi teuing dikaitkeun ku acis .. nganggap yen acis tiasa mereskeun sagalana ..
kunaon cenah .. kieu pangpangna mah .. sabaraha bulan kalangkung amang abdi aya nu katipu, muhun katipu .. pan putra na teh bade lebet ka [...]

Tong Babalapan Jang ..

In: Lenyepaneun

Sabulan ayeuna di lingkungan abdi, Jalan Raya Bandung tos aya meureun 3 kali kacilakaan motor. Ampir sadayana aya nu korban jiwa alias maot. Emang meureun nya, jalan anu lega, lempeng tur rata ngenaheun lamun dipake balap. Komo mun motorna rada ajib, ditambah ngabonceng kabogoh. Euh .. asa jalan nu sorangan we.
Abdi nu kamari-kamari rada beuki [...]

Piala Eropa 2008

In: Bola, Hiburan, Lenyepaneun

Weungi engke Piala Eropa 2008 ngamimitian. Ajang ngadu skill jeung strategi pamaen-pamaen Eropah anu geus kasohor jadi “penyihir lapangan hijau”. Da atuh Eropah mah lir ibarat kiblatna maen bola. Makana jigana, jeung Piala Dunia mah Piala Eropa moal pati jauh ramena.
Pokona 22 poe kahareup mah, urang popohokeun saeutik soal BBM jeung FPI. Mending urang jongjon [...]

Lenyepaneun !

In: Lenyepaneun

Cik urang lenyepan heula. Naha pantes atawa henteu urang teh silih nyilakakeun. Boh ka batur,komo deui ka dulur[saagama] sorangan. Nenggeul, nyiksa, atawa nganyenyeri ku omongan. Da asana teh kurang pas jeung aturan nu aya. Urang mah salaku jalma nu nyaho agama, osok sholat, osok ngaji.. Jigana leuwih hade mun mereskeun masalah teh ku jalan anu [...]

Urang Sunda Nyarios Sunda

In: Lenyepaneun, Ngelmu

dicetak deui, kawitna di http://cianjuran.wordpress.com
kiwari, basa sunda nu nyata-nyata basa karuhun urang sunda, tos langki digunakeun. tong boro di kota-kota ageung sapertos bogor atanapi bandung. di cianjur wae ge, sok rada sesah milarian anu masih keneh leres-leres nganggo basa sunda. utamina mah panginten murangkalih sakola. nu seuseueurna tos langkung resep ngangge basa indonesia kangge basa [...]

Reresepan bari ngadablong

Naon atuh nya, ah kitu we nyaeta. Ti bareto hoyong gaduh blog [basa sundana blog naon?] anu isina teh ngangge basa sunda. Sok sono tuda, sono nyarios ngangge basa Sunda. Pan sim abdi mah di Jakarta ayeuna teh. Ari aslina urang Cianjur. Apal nyalira meureun, tong boro di Jakarta nu nyata-nyata lain wewengkon Sunda. Di Cianjur weh, da tos rada sesah atuh milari nu nyarios Sunda. Ari sanes kolot baheula mah. Tah kitu. Didieu panginten urang ngadablong teh. Ngangge basa sunda nu pasti mah. Etang-etang urang silaturahmi we bari ngamumule basa sunda.





website counter TopOfBlogs