Hiburan Category

Ngantosan Mengbal

In: Bola, Hiburan

Nuju ngantosan Semi Final Euro ieu teh, makana maksakeun bagadang. Padahal mah pidameleun numpuk, can website, can proposal, can aplikasi .. weh .. matak rudet mun dipikiran mah. Makana, refreshing heula ah nonton Euro.
Jerman VS Turki, kumaha bah prediksi ? Ari ceuk tidieu mah jigana Jerman eung. Rada impresiv tah maenna. Lini ka lini na [...]

Lolondokan ..

In: Banyol, Hiburan, Tak Berkategori

Poe poe ayeuna asa lain ti biasana eung .. asa lain simkuring we .. ti mimiti di pagawean nepika urusan blog .. sok we geura tingali blog kuring di i.do.blog .. da geus asa lain nu kuring eta blog teh .. make kudu ngagunakeun basa inggris sagala .. puguh balelol .. hehehehe
Eta blog [...]

Neangan duit sagede panto !

In: Banyol, Bola, Hiburan

Kamari ngalongokan rerencangan nu damel di ITC Roxy mas. Kaleresan pan caket sareng kantor abdi. anjeuna di Roxy icalan acuk istri kitu. Enya lah lumayan we dari pada lumanyun mah.
Biasa, pami pendak sareng batur hereuy, sok tara apal tempat, eh banyol teh kawas di kampung we. Selih ledek, silih sendul, silih surung, silih babuk .. [...]

Piala Eropa 2008

In: Bola, Hiburan, Lenyepaneun

Weungi engke Piala Eropa 2008 ngamimitian. Ajang ngadu skill jeung strategi pamaen-pamaen Eropah anu geus kasohor jadi “penyihir lapangan hijau”. Da atuh Eropah mah lir ibarat kiblatna maen bola. Makana jigana, jeung Piala Dunia mah Piala Eropa moal pati jauh ramena.
Pokona 22 poe kahareup mah, urang popohokeun saeutik soal BBM jeung FPI. Mending urang jongjon [...]

The Changcuters

In: Hiburan

Grup musik ti Bandung ieu emang rada beda tinu lian. Rada nyentrik ceuk basa ciember na mah. Sok we tingali cara dangdanna, atawa cara maranehna nyanyi. Baju ketat, calana ngepas jiga nu kaleutikan teuing tuluy buuk jiga batok kalapa. Ah, pokona mah saliwatan jiga nu sedeng weh.

addthis_url = ‘http%3A%2F%2Furangsunda.info%2F2008%2F06%2F07%2Fthe-changcuters.html’;
[...]

Reresepan bari ngadablong

Naon atuh nya, ah kitu we nyaeta. Ti bareto hoyong gaduh blog [basa sundana blog naon?] anu isina teh ngangge basa sunda. Sok sono tuda, sono nyarios ngangge basa Sunda. Pan sim abdi mah di Jakarta ayeuna teh. Ari aslina urang Cianjur. Apal nyalira meureun, tong boro di Jakarta nu nyata-nyata lain wewengkon Sunda. Di Cianjur weh, da tos rada sesah atuh milari nu nyarios Sunda. Ari sanes kolot baheula mah. Tah kitu. Didieu panginten urang ngadablong teh. Ngangge basa sunda nu pasti mah. Etang-etang urang silaturahmi we bari ngamumule basa sunda.





website counter TopOfBlogs