Nyarios Sunda
Lamlikum .. daramang yeuh. Tos lami asana teh teu ngadablong didieu. Sanes bade mopohekeun .. sanes, sing sumpah na ge. Mung emang nuju aya pidameleun we. Janten teu kacabak2 ieu blog teh.
Oh enya, kamari pendak jeung si abah deui. Enya da kamari-kamari mah meuni hese hoyong pendak jeung si abah teh. Bongan ceunah mun bulan puasa jiga ayeuna, sampah teh lain nyaeutikan, malah ngalobaan. Komo mun sore-sore memeh buka. Da eta mah plastik jeung bungkus kadaharan meuni ngalayah. Ceunah paruasa .. Tapi naha nu miceun sampah makin loba nya bah .. Mamayu kitu ari keur puasa barangdaharna ?
Ah nyeta tuh ..
Ke ke ke .. Memeh kapopohoan deui, wilujeung Iedul Fitri ah kasadayana .. Pribados neda dihapunten tina sagala kalepatan ..
Bah, kamana ? Tuh nya si abah mah kabur weh .. Ah tuh sim kuring ge ngilu kabur we .. Mangga atuh wilujeung .. Kin urang sambung deui .. ![]()
Naon atuh nya, ah kitu we nyaeta. Ti bareto hoyong gaduh blog [basa sundana blog naon?] anu isina teh ngangge basa sunda. Sok sono tuda, sono nyarios ngangge basa Sunda. Pan sim abdi mah di Jakarta ayeuna teh. Ari aslina urang Cianjur. Apal nyalira meureun, tong boro di Jakarta nu nyata-nyata lain wewengkon Sunda. Di Cianjur weh, da tos rada sesah atuh milari nu nyarios Sunda. Ari sanes kolot baheula mah. Tah kitu. Didieu panginten urang ngadablong teh. Ngangge basa sunda nu pasti mah. Etang-etang urang silaturahmi we bari ngamumule basa sunda.
Hatur nuhun kasadayana khususna ka urang sunda sumuhun tah jaman kiwari tos jarang abdi ge ngadangu obrolan sunda di jakarta nya dikota2 ageung kitu teu sapertos urang jawa nya dimana2 pami pendak sareng batur salemburna teu gengsi ngobrol nyarios bahasa jawa hayu ah urang ge ngamumule basa sunda saha deui anu nerasken salain urang katurunan2na supados heunteu sirna ngiring bingah sim kuring kum kasadayana HIDUP PERSIB