Nyarios Sunda
Alhamdulillah .. tepung deui ka tanggal 3 Juli taun ieu ..
eleuh geuning .. geus kolot .. ![]()
Naon atuh nya, ah kitu we nyaeta. Ti bareto hoyong gaduh blog [basa sundana blog naon?] anu isina teh ngangge basa sunda. Sok sono tuda, sono nyarios ngangge basa Sunda. Pan sim abdi mah di Jakarta ayeuna teh. Ari aslina urang Cianjur. Apal nyalira meureun, tong boro di Jakarta nu nyata-nyata lain wewengkon Sunda. Di Cianjur weh, da tos rada sesah atuh milari nu nyarios Sunda. Ari sanes kolot baheula mah. Tah kitu. Didieu panginten urang ngadablong teh. Ngangge basa sunda nu pasti mah. Etang-etang urang silaturahmi we bari ngamumule basa sunda.
ehm2x…, cep ido teh ulang taun nyak??
tong hilap tranktiranna nyak…, diantos hehe…
WILUJENG TEPUNG TAUN….
haturnuhun …
Du’ana mah atos pan nya?
off the record
atuh .. dua kali ge da moal nanaon ..
wilujeng tepung taun pidua akang tikatebihan
hatur nuhun kang …
terlambat tapi teu sawioslahnya wilujeng tepung taun mugia salamina aya dina kabagjaan
Aduh meuni sae mblog na he3x,,,,
Punten telat Kang, nenmbe terang…..
Wilujeng Enjing we ah…..
Palay sih gaduh Mbog kanggo ngawangkong, mun masih teu terang cara2 na he3x….