Nyarios Sunda
Cianjur Web Developer (CWebber) Community .. paragi ngumpul nu resep ngadamelan web di Cianjur .. Websitena ngalih .. pami tadina mah di http://cwebber.890m.com ayeuna mah di http://cwebber.net ..
Cobi geura dongkapan .. insyaalloh seeur nu tiasa dicandak ti dinya .. komo deui pami nuju milarian bantosan kangge ngadamel web .. pas pisan lah pokona mah ..
Naon atuh nya, ah kitu we nyaeta. Ti bareto hoyong gaduh blog [basa sundana blog naon?] anu isina teh ngangge basa sunda. Sok sono tuda, sono nyarios ngangge basa Sunda. Pan sim abdi mah di Jakarta ayeuna teh. Ari aslina urang Cianjur. Apal nyalira meureun, tong boro di Jakarta nu nyata-nyata lain wewengkon Sunda. Di Cianjur weh, da tos rada sesah atuh milari nu nyarios Sunda. Ari sanes kolot baheula mah. Tah kitu. Didieu panginten urang ngadablong teh. Ngangge basa sunda nu pasti mah. Etang-etang urang silaturahmi we bari ngamumule basa sunda.
Nepangkeun sim kuring ti Kressenda Performing Art Bandung
ngiring bingah ku ayana istilah nu anyar nudisebat “ngadablong”
Kressenda kapanjangan tina “Kreasi Seni Sunda” nu di luluguan ku sdrk Bpk Kunkun Yukmana. nyaeta ngabeungkeut atanapi nalian, sareng ngawadahan para- Nonoman /Pamuda/i urang sunda pituin, nu ngagaduhan potensi dina widang budaya sareng Kasenian Sunda. boh seni tari,seni lukis,seni patung,seni musik jeung sajabana.
“Hiap, hayu, Kressenda ngagentra sadaya urang sunda. urang majengkeun, narekahan, mulas, “Kasenian Sunda”. tong mundur tong eleh ku seni sejen.
ku saha deui rek di ajenan ari lain ku urang sunda pituin.
Garapan Kressenda nu parantos ngajanggelek diantawisna:
1.Garapan Tembang Sunda “Jerit Anjeun Ceurik Kuring” mieling Tsunami di Aceh. Karya Gan-gan Garman & Yus Wiradireja. production Kuns Kressenda. Tahun 2006.
2.Garapan “Orchestra” Karya Kunkun Yukmana cs.Thn 2007
3.Garapan Pop Sunda Karya Mae Nurhayati & Kunkun Yukmana.2007
4.Diklat Tari Sunda kenging Sdrk, Oga Wilantara
Garapan anu ‘mayeng/exist dugi ka ayeuna Diklat Tari Sunda di Padepokan Kressenda Komp.Bumi Panyileukan sareng cabang di Gedung Stilud Purwakarta.
Kressenda umajak ka generasi muda hayu urang “Proses” babarengan, urang mumule, urang ajenan Seni Budaya teh, tong ngan saukur catur bari teu dek.
da nungguan perhatian ti Pamarentah mah euweuh tidituna keur kasenian mah. teu cara olah raga nu elehan hantem we di biayaan miliaran. aaeh kamana wae ieu teh….Cagh ach.
KRESSENDA : MENERIMA PRIFAT/KURSUS
1. KACAPI KAWIH
2 KACAPI TEMBANG
3. TEMBANG SUNDA CIANJURAN
4. TARI KLASIK, MODERN, JAIPONGAN, BAJIDORAN
DAN MEMBUKA DIKLAT TARI.
MENERIMA PANGGILAN :
JENIS HIBURAN :
1. RAMPAK KACAPI
2. RAMPAK KENDANG
3. RAMPAK BEDUG
4. JAIPONGAN/BAJIDORAN
5. POP SUNDA
6. KUDA LUMPING
7. ORCHESTRA KRESSENDA
8. TARI TOPENG, TARI MODRN & SENDRA TARI
9. GAMELAN DEGUNG & SALENDO
10. KACAPI SULING.
11. ARAK-ARAKAN/HELERAN
12. PERCUSI KRESSENDA
PANGGILAN RIAS :
1. RIAS PENGANTIN SUNDA,JAWA,PADANG JSB.
2. RIAS TV, RIAS SHOTING FILM JSB
3. RIAS PANGGUNG/DECORATION
PANGGILAN UPACARA ;
1 UPACARA PENGANTIN SAPERTOS:
NGEUYEUK SEUREUH, SUNGKEM,SIRAMAN,SAWER,BUKA PINTU,
NINCAK ENDOG, JSB.
2. MAPAG KADUA MAMPELAI/UPACARA ADAT/ KOLOSAL
3. UPACARA PEMBUKAAN, /PERESMIAN, WISUDA, JSB
HIBURAN KLASIK:
1. TEMBANG SUNDA CIANJURAN
2. TARI KLASIK, TAYUB,BADAYA,TOPENG,MERAK JSB
3. KLININGAN /CELEMPUNGAN
HIBURAN LAWAK;
1. ANTON ABOX CS
2. SIMPANG LIMA
3. AA JIMIE /AA GIM
4. WAYANG BODOR
5. OHANG CS
5. REOG
6. CALUNG
7. KACAPI JENAKA
JSB.(JEUNG SAJABANA)
MENYEDIAKAN ALAT TENDA/PESTA:
1. KURSI
2. PANGGUNG
3. DECORASI PESTA
PELATIH/PEMAIN /ANGGOTA KRESSENDA: NONOMAN URANG SUNDA
KALUARAN SAKOLA SENI TI SMKI SARENG STSI BANDUNG NU MIBOGA
POTENSI DINA WIDANG SENI.
SENI TARI
SENI KARAWITAN/MUSIK
SENI LUKIS
SENI PATUNG
KLIK. KRESSENDA@YAHOO.COM
TLP. 022.7804926
HP . 081220202117
PADEPOKAN SENI KRESSENDA PERFORMING ART
BANDUNG
Nepangkeun Abdi Jacky Chan Ti Hongkong Dupi anjeun teh rai abdi anu ical di pasar kosambi kapungkur sanes….?