nongton teu pinal Euro malem tadi ? wuih .. nyaan, Spanyol ajiiib .. memang, Spanyol ngan meunang ipis hiji kosong .. tapi tetep we jawara ..

kakuatan banteng ngelehkeun tengwaja .. ti mimiti wasit niup pluit, Spanyol geus mulai nyieun barisan tukang Jerman adug ajer .. maenkeun striker Tunggal nyeta si Torres, Spanyol malah jadi leuwih agresif .. Xavi Hernandez, Cesc Fàbregas jeung Iniesta nu jadi jendral di lapangan tengah jigana boga andil nu gede ngajadikeun Spanyol jawara.

Jerman sabenerna teu goreng maenna .. Sababaraha kali oge nyieun peluang nyetak Gol di gawang Iker Casillas .. tapi eweuh nu jadi .. si Ballack we karunya .. geus mah maen maksakeun da aya nu karasa .. tuluy eleh .. Jigana julukan Mr. Runner Up teh emang pas pisan jang si manehna .. Unggal-unggal asup ka pinal di kejuaran naon wae ge, si Ballack mah can pernah jadi jawara .. pernah ketang bareto pas lomba agustusan .. hehehehe :D

Tah, beres piala Eropa .. jigana giliran urang yeuh bebenah .. kumaha mengbal di urang .. aya kamajuan teu .. atawa ti bareto kitu-kitu keneh .. piraku, rek nepika iraha urang ngan saukur jadi panongton .. apa ngga malu ..

Spanyol

Ceuk si Abah “Dek mah teu ngarti, piraku tina dua ratus juta leuwih jelema di urang .. eweuh sabelas urang nu bisa alus mengbal na !” .. Sabenerna mah loba Bah .. ngan di urang mah nu kitu teh teu dibina .. Coba mun jiga di batur, tingali C. Ronaldo .. umur belasan taun geus dikontrak ku Manchaster United .. lamun di urang mah umur belasan taun, masih keneh ngudag langlayangan di sawah .. :D .. jiga kuring bareto ..

Ari Pangeran Biru kumaha damang .. Heug ah, kuring mah moal hianat .. nepika iraha ge “Bagimu Persib .. Jiwa Raga Kami .. !”

Data jeung Fakta pinal Euro 2008

Stadion : Vienna - Ernst Happel

Jerman Spanyol
0 Goals 1
2 Kartu Koneng 2
0 Kartu Bereum 0
1 Tembakan Ka Gawang 7
2 Tembakan Ngalenceng 5
22 Palanggaran 19
4 Kornal 7
5 Obset 4
27′ 56” Panguasaan Bola (Waktu) 25′ 50”
51% Panguasaan Bola (%) 49%