Nyarios Sunda
ngenaan euro .. saur teh liez .. “ari Indonesa kumaha kang?” .. Indonesa ? aduh .. duka nya, da abdi mah sanes pendukung Indonesa .. timnas abdi mah Pangeran Biru, Si Maung Bandung .. pami bereum bodas mah .. ah teu langkung .. da geuning hese dibebenah .. piraku dipingpin terus ku narapidana ?
terakhir nongton pangeran biru teh kamari, pas Piala Persebaya sababaraha waktu katukang .. anu akhirna di final Persib kudu puas gedeg jeung Persebaya.
jigana lamun engke pas Liga Super masih keneh kitu maenna, bahaya tah Maung Bandung bahan moal jadi nanaon deui. kudu rada dibebenah, utamana di bagian striker .. si Atep jeung Hilton M masih keneh can padu.
Jaya Hartono, palatih Persib kudu loba gawe tah. ulah jiga musim kamari, Persib alus di awal hungkul .. kadituna kaclep .. tong nguciwakeun bobotoh deui ah .. komo sim kuring .. pan ti bareto ge sim kuring mah “BAGIMU PERSIB JIWA RAGA KAMI”
gambar dicutat ti :
http://www.persib-bandung.or.id/data/gallery/206_Persib60s20jacket1%5B1%5D.jpg
Naon atuh nya, ah kitu we nyaeta. Ti bareto hoyong gaduh blog [basa sundana blog naon?] anu isina teh ngangge basa sunda. Sok sono tuda, sono nyarios ngangge basa Sunda. Pan sim abdi mah di Jakarta ayeuna teh. Ari aslina urang Cianjur. Apal nyalira meureun, tong boro di Jakarta nu nyata-nyata lain wewengkon Sunda. Di Cianjur weh, da tos rada sesah atuh milari nu nyarios Sunda. Ari sanes kolot baheula mah. Tah kitu. Didieu panginten urang ngadablong teh. Ngangge basa sunda nu pasti mah. Etang-etang urang silaturahmi we bari ngamumule basa sunda.
HIDUP PERSIB!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!
Wew .. da katinggal imel na .. hihihi
. meuni kitu atuh .. !
cep eta foto mojang bobotoh persib duh neuni geu……
Sumuhun kang .. geulis nya ..
mana ceunah gambarna, teu katawis tidieumah geuning
piraku .. aya ge .. hehehehe