Nuju ngantosan Semi Final Euro ieu teh, makana maksakeun bagadang. Padahal mah pidameleun numpuk, can website, can proposal, can aplikasi .. weh .. matak rudet mun dipikiran mah. Makana, refreshing heula ah nonton Euro.

Jerman VS Turki, kumaha bah prediksi ? Ari ceuk tidieu mah jigana Jerman eung. Rada impresiv tah maenna. Lini ka lini na solid tuluy striker-striker na haus gol deuih. Emang, Turki ge teu bisa diremehkeun. Maranehna tim underdog nu boga semangat juang 45′.

Hamit Altintop

Jigana lamun ditingali tina kualitas pamaen mah, Jerman jauh aya diluhureun Turki. Ti mimiti kiper nepika striker. Kabeh pamaen Jerman kelasna kelas Eropah. Tapi pan mengbal mah lain itung-itungan dina kertas, Turki, sanajan pamaenna ceunah pamaen kelas 2 di Eropah. Tapi sarumanget jeung kompak maenna. Tingali we kamari pas parapat pinal. Euh, saha atuh nu bisa nyangka Turki rek lolos ? Kabeh jigana ngunggulkeun Kroasia.

Ceuk si Abah ieu mah, bubuhan si Abah mah Panser Mania “Asal Jerman bisa ngasupkeun tiheula weh, Turki moal walakaya. Tapi mun jadina adu pinalti .. dek mah cangcaya Jerman rek meunang !”.

Heuheu, si Abah diajakan samsuan embungeun .. bongan eleh meureun kamari pas Walanda jeung Rusia.

Nya kitu tea we lah, urang tingali we hasilna kumaha. Ari tidieu mah jigana nyekel nu meunang .. hehehe :D