Nyarios Sunda

Kumaha yeuh .. Itali teh geuning eleh ku Walanda .. Loba deuih elehna, 3-0 .. bangun nu teu sumanget maen Itali teh. Donadoni na sih .. coba si Del Piero diasupkeun ti awal .. moal parah-parah teuing kitu meureun.
Ah, nyaeta atuh .. Eleh weh kuring taruhan .. Bener ceuk si abah “Walanda teh pamaenna ngarora keneh, bari arajib deuih skilln” .. Enya lah bah, kuring eleh .. Gudang Garam beureum sabungkus jang si abah.
Naon atuh nya, ah kitu we nyaeta. Ti bareto hoyong gaduh blog [basa sundana blog naon?] anu isina teh ngangge basa sunda. Sok sono tuda, sono nyarios ngangge basa Sunda. Pan sim abdi mah di Jakarta ayeuna teh. Ari aslina urang Cianjur. Apal nyalira meureun, tong boro di Jakarta nu nyata-nyata lain wewengkon Sunda. Di Cianjur weh, da tos rada sesah atuh milari nu nyarios Sunda. Ari sanes kolot baheula mah. Tah kitu. Didieu panginten urang ngadablong teh. Ngangge basa sunda nu pasti mah. Etang-etang urang silaturahmi we bari ngamumule basa sunda.
teu nanaon lah kang, kali iyeu mah eleh ku walanda. abdi teh meuni kecewa, Itali maenna goreng.
muhun, Donadoni yang salah soal Del Piero. huh..
bete deehhh
moal keh geura maen kaduakalina mah .. biasana itali mah sok kitu, bareto weh pas piala dunia 2006, penyisihan mah jiga nu mual lolos .. tapi eh malah jadi jawara .. sugan we euro nu eyuna ge kitu ..