The ChangshutersGrup musik ti Bandung ieu emang rada beda tinu lian. Rada nyentrik ceuk basa ciember na mah. Sok we tingali cara dangdanna, atawa cara maranehna nyanyi. Baju ketat, calana ngepas jiga nu kaleutikan teuing tuluy buuk jiga batok kalapa. Ah, pokona mah saliwatan jiga nu sedeng weh.

Tapi ulah salah, nyatana loba nu resepeun ka ieu grup ben teh. Lain budak ngora hungkul deuih, kolot ge loba nu kagegeloan.

Emang sih, laguna rada lumayan ngeunaheun bari teu paruguh oge. Aransmen musik nga bit, matak sumanget weh pokona. Rada cocok lamun didangukeun na teh isuk-isuk memeh indit gawe. Asal ulah jadi teu indit weh gawena, da kaingetan kana cangcut wae. he2x ..

The Changcuters

- Tria Changcut (Vokal, harmonika jeung tamborine)
- Qibil Changcut (Gitar, keyboard, vokal)
- Dipa Changcut (Bass jeung sora aneh)
- Alda Changcut (Gitar)
- Erick Changcut (Drum jeung perkusi)

Dicutat ti :
http://www.thechangcuters.com/
http://www.myspace.com/thechangcutersrock