Nyarios Sunda
dicetak deui, kawitna di http://cianjuran.wordpress.com
kiwari, basa sunda nu nyata-nyata basa karuhun urang sunda, tos langki digunakeun. tong boro di kota-kota ageung sapertos bogor atanapi bandung. di cianjur wae ge, sok rada sesah milarian anu masih keneh leres-leres nganggo basa sunda. utamina mah panginten murangkalih sakola. nu seuseueurna tos langkung resep ngangge basa indonesia kangge basa panganteur sadidinten.
pami di sakola hungkul mah teu nanaon eta oge, da kurikulum pangajaran di urang nganggena basa indonesia. mung, pami di luar sakola mah cik atuh ngangge basa sunda. da urang teh aya di ligkungan urang sunda. ari sanes ku urang sunda nyalira mah, ku saha deui atuh basa sunda teh bakal dianggo. piraku ku bule ti amerika mah.
da kumaha atuh, di bumi na oge ku rama sareng ibu na teu dibiasakeun nyarios basa sunda. ceunah pami murangkalih nyarios basa indonesia teh gaya. naha ari nyarios basa sunda teu gaya kitu, da gaya atuh. padahal mah eta teh sami sareng maehan budaya sorangan. enya teu ?
sok sirik da abdi mah. bareto, nuju kuliah di bogor rerencangan cakeut abdi sadayana urang batak. jigana teh, pami urang batak pendak sareng urang batak pasti weh ngangge na basa batak. naha ari abdi, sok asa ku sesah teh milarian rencang nyarios sunda. padahal mah pami teu leupat, insyaallah deuih moal leupat bogor teh masih keneh lingkungan sunda.
alesanna teh da basa sunda nu tiasana mung basa sunda kasar. atuh keun wae. sugan engke mah tiasa janten lemes. ulah ieu mah malah dipopoheukeun.
sok ah, ti ayeuna mah urang biasakeun nyarios basa sunda. minimal di lingkungan kulawargi heula, teras dipangameungan, atuh sugan engke mah di padameulan. pan ceunah inohong na jawa barat teh gaduh program, yen basa sunda hoyong dijantenkeun basa nasional kadua saatos basa indonesia. ari tara dianggo mah pamohalan janteun kadua.
sakali deui urang sunda nyarios sunda.
catetan
hoyong dilereskeun ah ku pamiarsa sadayana. upami ieu tulisan teh aya kaleupatan kalepatan.
Naon atuh nya, ah kitu we nyaeta. Ti bareto hoyong gaduh blog [basa sundana blog naon?] anu isina teh ngangge basa sunda. Sok sono tuda, sono nyarios ngangge basa Sunda. Pan sim abdi mah di Jakarta ayeuna teh. Ari aslina urang Cianjur. Apal nyalira meureun, tong boro di Jakarta nu nyata-nyata lain wewengkon Sunda. Di Cianjur weh, da tos rada sesah atuh milari nu nyarios Sunda. Ari sanes kolot baheula mah. Tah kitu. Didieu panginten urang ngadablong teh. Ngangge basa sunda nu pasti mah. Etang-etang urang silaturahmi we bari ngamumule basa sunda.
uarang teu tiasa nyalahkeun jaman yen urang sunda luntur kasundaan nana,sok we tengetan tos jarang nunanggap calung, wayang golek atawa jaipongan mun aya kariaan,sajaba alesan biaya ah loba deui we alesanana. yaktos urang sunda gengsi nyarios sunda emang leres cep,sanajan kuring lain pituin sunda asli,mung kuring sok tara daek disebut urang itu/ieu, salian ti disebat urang sunda.Puguh ge ceuk kuring mah bahasa sunda paling gaya,dipapaes ku lentong lokal tiap daerah. atawa disebat oge bahasa wengkon.
yu ah urang mumule bahasa sunda, teu kudu lemes2 teuing(mani jiga beunang ngayak), da lain jaman priayi. bebas we ah, komo dipapaesan ku kecap2 panganteb mah jadi merenah geura, jeung audien moal salah ngahartikeun maksud urang.
Abdi resep pisan patepang sareng urangsunda.info ieu (ti nu Cianjuran tea) nanging tos janten tabu tilu — wanci janari leutik (ehem, alit?) — komen nu langkung panjang kedahna didamel engke.
Pada waktos abdi ngarorompok di tatar Sunda (kumaha ayeuna, Awi Ligar dan Sarijadi?), soal lunturna basa Sunda abdi sok sering dipikir (watir) dan berdiskusi. Eta mah 1990-1997 — puguh da langkung parah ayeuna, sepuluh tahun engkena. Ngan aya harapan keneh, abdi yakin. Budaya Sunda mah leuleus-liat, sapertos jalmina. Di desun basa Sunda kiat keneh, sanes?
Percanten, henteu — jalmi kulon ieu (Cieuweuh, Florida, US) tiasa gaduh “jiwa Sunda”? Kunaon deui abdi oge sok ngaraos waas ngadangu basa Sunda (komo cariosan sepuh nu logatna panjaaaang sareng “pas”) atanapi sora suling nu sekantenan nyeredet hate? Budaya Sunda nu “luntur” meresap deui lebet “kain” abdi sapertos sarung batik, meureun? Iraha deui abdi kadieuna, neda lauk emas dina saung bilik? Da tebih teuing…
Hapunten upamina basa abdi ieu rada kirang — atos lami teu dianggo, komo cobi nu lemes kieu. Lucuna, basa Indonesia abdi lumayan ruksak campur adu sareng basa Sunda! Aya oge faktor munafik — gaduh dua murangkali indo (cabang Sundamerican — Brian Sanjaya & Kania Elisabeth) nu teu tiasa basa Sunda sakecap atanapi basa Indonesia sekatapun. Sanes indungna wungkul nu lepat…
Aya hiji nu di nyuhunkeun — panginten aya cara komen-komen respon topic ieu nu di Cianjuran.wordpress tiasa di pasang oge didieu supados gampil diaos ku sadaya? Hatur nuhun upami tiasa.
Eh, tos balebat pisan ieu, teu ngahaja! Karaos ku abdi kecap-kecap Sunda asa makin kaemut tina latihan. Upami si bule tiasa, jalmi Sunda nyalira kedah tiasa! Amin?
Engke abdi hoyong nyarios langkung spesifik soal basa Sunda ti sasabaraha sudut (penerbitan, undak-usuk, basa buhun, dayeuh banding desun dll). Sayang ieu sanes nyarios saleresna — kahoyong abdi mah ngadangu sora-sorana sobat Sunda sadaya. Dina text kieu dan lewat keyboard da hese ngaheureuy!
Wilujeng
hatur nuhun tos dongkap kang .. ku abdi tos diulem akang janten penulis dina ieu blog .. bilih ngangken mah, username sareng passwordna ku abdi dikintun via email ..
Hapunten pisan — diemut nuju ningali tanggal:
Wilujeng Hari Raya Kemerdekaan Indonesia ke-63!!!!
Dan Wilujeng mudik sadayana.