Nyarios Sunda
Bah, kuring mah meuni asa hayang ceurik teh .. Rumasa hirup teu bener .. Rumasa hirup jauh ti pituduh gusti Allah jeung NabiNa .. Rumah loba salah .. Rumasa ..
Ari usaha mah usaha ieu teh bah, menerkeun sagala rupa kasalahan .. Ngaleungitkeun sagala rupa kabiasaan goreng .. Ngan geuning naha atuh meuni asa ku hese .. Naha niat kuring nu teu panceg ? Naha hate kuring nu can bisa ngalawan gogoda ? Naha emang kuring teu bisa ?
Kudu kumaha atuh bah ?
Kudu kumaha ?
Umur beuki ngurangan, ari dosa beuki ngalobaan .. Ampun ya Rob .. Ampun ..
Mugia tobat abdi nu sakieu hina na .. Tiasa janten pangherang cai nu kiruh ..
Jigana taya deui nu pantes diucapkeun salain Alhamdulillah. Gusti Allah parantos masihan seeur pisan kanikmatan kangge simkuring. Ti mimiti kuring lahir nepika ayeuna.
Ngan jigana kuringna nu nepi ka ayeuna masih keneh osok poho kana nikmat Allah eta. Makana sababaraha minggu ayeuna, kuring diingetkeun ku Gusti Allah. Dipasihan cocoba. Ti mimiti urusan pagawean, pangulinan nepika urusan hate kuring.
Ya Allah, ayeuna kuring mah sadar. Yen loba pisan nu kudu dibenerkeun ku kuring dina kahirupan kuring. Ti danget ayeuna, kuring bakal berusaha sakuat tanaga pikeun ngabenerkeun hirup kuring.
Alhamdilillah, sagala puji jeung syukur ngan ukur ka Anjeun, Gusti nu Maha Mikanyaah.
Lamlikum .. daramang yeuh. Tos lami asana teh teu ngadablong didieu. Sanes bade mopohekeun .. sanes, sing sumpah na ge. Mung emang nuju aya pidameleun we. Janten teu kacabak2 ieu blog teh.
Oh enya, kamari pendak jeung si abah deui. Enya da kamari-kamari mah meuni hese hoyong pendak jeung si abah teh. Bongan ceunah mun bulan puasa jiga ayeuna, sampah teh lain nyaeutikan, malah ngalobaan. Komo mun sore-sore memeh buka. Da eta mah plastik jeung bungkus kadaharan meuni ngalayah. Ceunah paruasa .. Tapi naha nu miceun sampah makin loba nya bah .. Mamayu kitu ari keur puasa barangdaharna ?
Ah nyeta tuh ..
Ke ke ke .. Memeh kapopohoan deui, wilujeung Iedul Fitri ah kasadayana .. Pribados neda dihapunten tina sagala kalepatan ..
Bah, kamana ? Tuh nya si abah mah kabur weh .. Ah tuh sim kuring ge ngilu kabur we .. Mangga atuh wilujeung .. Kin urang sambung deui .. ![]()
Lur, loba sih cara meh website atawa blog urang terkenal. Salah sahiji na nempatkan link ka website atawa blog urang di nu lian. Makin loba link ka website atawa blog urang. Makin terkenal tah website atawa blog urang teh.
Tah, kulantaran kitu. Sababaraha jam nu katukang kuring (CWebber) nginstalkeun atawa ngupload hiji aplikasi nu bisa nampung link ka website atawa blog dulur kabeh. Mangga we cobian geura, da tinggal daftar terus nginput linkna.
Gratis alias teu mayar. Tong boro mayar, link balik oge teu menta. Tah kitu, dimana ceunah atuh alamatna. Alamatna nyeta di fURL - Favorite URL (http://furl.cwebber.net). Mangga tuh ah, diantos di TKP we langsung. 86 ..
hehehehe, nembe tiasa ngadablong deui yeuh. Ieu ge bubuhan si boz dan si om lagi pada keluar. Jadi rada enakeun ngadablong na ge ..
kumaha atuh daramang, teh liez, six4sep, neng rita jeung nu sanesna .. ?
sim kuring mah alhamdulillah. Kieu we .. nya meureun kahiji ju seeur pidamelen, ju seeur cabakeun, ju seeur emuteun. Asa diberedeg ku waktos ieu teh da. nu hiji kedah beres ayeuna, nu hiji enjing, nu hiji pageto .. bunuh we bunuh ..
teu ketang, dipidamel naon ge. Mudah-mudahan janten berkah. Daripada teu dipidamel janten mamala.
enya lah, pidu’a na we ti sadayana. mugia lancar sagala rupi na ..
Alhamdulillah .. tepung deui ka tanggal 3 Juli taun ieu ..
eleuh geuning .. geus kolot .. ![]()
Cianjur Web Developer (CWebber) Community .. paragi ngumpul nu resep ngadamelan web di Cianjur .. Websitena ngalih .. pami tadina mah di http://cwebber.890m.com ayeuna mah di http://cwebber.net ..
Cobi geura dongkapan .. insyaalloh seeur nu tiasa dicandak ti dinya .. komo deui pami nuju milarian bantosan kangge ngadamel web .. pas pisan lah pokona mah ..
Bilih aya nu bade icalan atanapi milarian sagalarupi, mangga diantos di iklanZIP.com “Laris Manis & Untung Terus”. 100% Gratis *. Dongkapan ayeuna oge, mumpung nuju promosi tur gratis ..
nongton teu pinal Euro malem tadi ? wuih .. nyaan, Spanyol ajiiib .. memang, Spanyol ngan meunang ipis hiji kosong .. tapi tetep we jawara ..
kakuatan banteng ngelehkeun tengwaja .. ti mimiti wasit niup pluit, Spanyol geus mulai nyieun barisan tukang Jerman adug ajer .. maenkeun striker Tunggal nyeta si Torres, Spanyol malah jadi leuwih agresif .. Xavi Hernandez, Cesc Fàbregas jeung Iniesta nu jadi jendral di lapangan tengah jigana boga andil nu gede ngajadikeun Spanyol jawara. Lajengkeun .. »
Malem ayeuna rada rame yeuh Euro. Spanyol ngalawan Rusia. Nyepeng mana Bah ? heuheu .. simkuring mah jiga biasa we, nyepeng nu meunang ..
Mun tina itung-itungan mah Spanyol jauh atuh diluhureun Rusia. Pamaen-pamaen na ngarora, skill na aralus, jeung pangalamanna ge teu kudu diragukeun deui. Lini tukang nepika lini hareup kabeh rata kakuatanna. Sebut we Casillas, nu ngajagaan gawang. Kurang kumaha jago manehna ngiperan di Madrid. Tuluy Puyol, manehna can pernah absen jadi ponggawa di Barcelona. Atawa Xavi, pan si eta mah jendralna lapangan tengah. Di harep, tong ditanya lah suburna David Villa top skor ayeuna, atawa Fernando Tores. Beuh, moal aya weh ! Lajengkeun .. »
ngenaan euro .. saur teh liez .. “ari Indonesa kumaha kang?” .. Indonesa ? aduh .. duka nya, da abdi mah sanes pendukung Indonesa .. timnas abdi mah Pangeran Biru, Si Maung Bandung .. pami bereum bodas mah .. ah teu langkung .. da geuning hese dibebenah .. piraku dipingpin terus ku narapidana ?
terakhir nongton pangeran biru teh kamari, pas Piala Persebaya sababaraha waktu katukang .. anu akhirna di final Persib kudu puas gedeg jeung Persebaya. Lajengkeun .. »
Nuju ngantosan Semi Final Euro ieu teh, makana maksakeun bagadang. Padahal mah pidameleun numpuk, can website, can proposal, can aplikasi .. weh .. matak rudet mun dipikiran mah. Makana, refreshing heula ah nonton Euro.
Jerman VS Turki, kumaha bah prediksi ? Ari ceuk tidieu mah jigana Jerman eung. Rada impresiv tah maenna. Lini ka lini na solid tuluy striker-striker na haus gol deuih. Emang, Turki ge teu bisa diremehkeun. Maranehna tim underdog nu boga semangat juang 45′. Lajengkeun .. »
Poe poe ayeuna asa lain ti biasana eung .. asa lain simkuring we .. ti mimiti di pagawean nepika urusan blog .. sok we geura tingali blog kuring di i.do.blog .. da geus asa lain nu kuring eta blog teh .. make kudu ngagunakeun basa inggris sagala .. puguh balelol .. hehehehe
Eta blog emang jigana geus pindah aliran, lamun bareto mah simkuring ngablog teh estuning sakadaek .. naon we nu hayang diomongkeun .. prak diomongkeun .. mun ayeuna mah henteu .. memeh kuring nyieun tulisan teh .. kuring kudu nungguan heula, batur nu rek nitip tulisan ka simkuring .. Lajengkeun .. »
sanes, punten sanes bade ngiring nyindiran anu di senayan ieu mah. mung hoyong ngemutan ka sadayana, kade ulah sagalarupi teuing dikaitkeun ku acis .. nganggap yen acis tiasa mereskeun sagalana ..
kunaon cenah .. kieu pangpangna mah .. sabaraha bulan kalangkung amang abdi aya nu katipu, muhun katipu .. pan putra na teh bade lebet ka PTN (Perguruan Tinggi Negeri) ngangge jalur PMDK (…) .. tah ceunah, aya dosen di eta PTN anu wantun ngajamin yen putra amang teh pasti lebet ka PTN eta .. ngan .. kedah ngangge acis kangge pangleueur .. Lajengkeun .. »
Nya .. ceuk sim kuring oge naon .. Itali mah pasti lolos ..
Model bareto we pas PD 2006 .. pan penyisihan Itali jiga nu geus eweuh harepan .. eh naha ari pas beresan, pan jadi jawara.
Jigana masalah Itali mah ngan hiji, pamaenna geus karolot. Ari skill jeung nu lianna mah jigana pang jagona lah sa eropah mah. heuheu .. Azurri tea .. ngan eta we geus barau taneuh pamaenna ..
Sok lah bah, wani taruhan samsu deui ge ![]()
Kamari ngalongokan rerencangan nu damel di ITC Roxy mas. Kaleresan pan caket sareng kantor abdi. anjeuna di Roxy icalan acuk istri kitu. Enya lah lumayan we dari pada lumanyun mah.
Biasa, pami pendak sareng batur hereuy, sok tara apal tempat, eh banyol teh kawas di kampung we. Selih ledek, silih sendul, silih surung, silih babuk .. eh henteu ketang ari silih babuk mah. Atuh batur nu narngalikeun teh araneheun. Puguh mah kalakuan jiga budak mereun, katambih ngangge babasaan, basa sunda [urang sunda nyarios sunda]. Persis we jiga alien. Lajengkeun .. »

Kumaha yeuh .. Itali teh geuning eleh ku Walanda .. Loba deuih elehna, 3-0 .. bangun nu teu sumanget maen Itali teh. Donadoni na sih .. coba si Del Piero diasupkeun ti awal .. moal parah-parah teuing kitu meureun.
Ah, nyaeta atuh .. Eleh weh kuring taruhan .. Bener ceuk si abah “Walanda teh pamaenna ngarora keneh, bari arajib deuih skilln” .. Enya lah bah, kuring eleh .. Gudang Garam beureum sabungkus jang si abah.
Sabulan ayeuna di lingkungan abdi, Jalan Raya Bandung tos aya meureun 3 kali kacilakaan motor. Ampir sadayana aya nu korban jiwa alias maot. Emang meureun nya, jalan anu lega, lempeng tur rata ngenaheun lamun dipake balap. Komo mun motorna rada ajib, ditambah ngabonceng kabogoh. Euh .. asa jalan nu sorangan we.
Abdi nu kamari-kamari rada beuki kana balap, ningali kitu mah asa jadi sararieun. Da mereun lamun maot cilaka keur babalapan dina motor mah lain alus katingalina. Batur moal jadi karunya, malah mupuas. Bongan we ceunah babalapan ! Komo lamun cilaka na teh mamawa batur, nabrak atawa ngabonceng, pan manjang meureun urusanna.
Nepangkeun yeuh, rencang ngobrol abdi, sebat we si abah. Anjeuna, rencang ngobrol sunda abdi di Jakarta. Bangunna kapayunna, cariosan-cariosan si abah ieu bakal seeur lebeut janten bahan tulisan abdi.
Si abah nyalira, aslina urang Malingping Banten. Di Jakarta anjeunna damel di dinas kabersihan. Tadina mah ku abdi bade dipiwarang nyerat nyalira dina ieu blog. Mung ceuk si abah “Dek mah boro-boro tulas tulis nu kitu, nulis kwitansi geus teu kadeleh !”. Janteun weh, cariosan atanapi obrolan sareng si abah ku abdi dicutat sabagian kangge bahan tulisan abdi dina ieu blog.

Weungi engke Piala Eropa 2008 ngamimitian. Ajang ngadu skill jeung strategi pamaen-pamaen Eropah anu geus kasohor jadi “penyihir lapangan hijau”. Da atuh Eropah mah lir ibarat kiblatna maen bola. Makana jigana, jeung Piala Dunia mah Piala Eropa moal pati jauh ramena.
Pokona 22 poe kahareup mah, urang popohokeun saeutik soal BBM jeung FPI. Mending urang jongjon ningali Cristiano Ronaldo atawa Luca Toni nyieun Gol.
Naon atuh nya, ah kitu we nyaeta. Ti bareto hoyong gaduh blog [basa sundana blog naon?] anu isina teh ngangge basa sunda. Sok sono tuda, sono nyarios ngangge basa Sunda. Pan sim abdi mah di Jakarta ayeuna teh. Ari aslina urang Cianjur. Apal nyalira meureun, tong boro di Jakarta nu nyata-nyata lain wewengkon Sunda. Di Cianjur weh, da tos rada sesah atuh milari nu nyarios Sunda. Ari sanes kolot baheula mah. Tah kitu. Didieu panginten urang ngadablong teh. Ngangge basa sunda nu pasti mah. Etang-etang urang silaturahmi we bari ngamumule basa sunda.